Rabu, 27 April 2011

KASAMPURNAAN IMAN

Pikeun kasampurnaan iman usahakeun dina diri sing aya nu tilu perkara
1. Sing nyaan takwana sing asup kana takwa HAQQO TUQOTIH
2. Geudekeun rasa kaera ka Alloh, da jalma nu teu boga ka era lakuna bakal kawas sato.
3. Lobaan elmuna, da moal bisa takwa lamun teu boga elmu jeung mosl psti geude gunana elmu lamun teu dipake takwa

Tah nu tilu ieu gaus didauhkeun ku kangjeng Nabi Muhammad SAW
AAL-IMANU URYANUN WALIBASUHU TAKWA WAZINATUHU ALHAYA WATSAMROTUHU ALILMU


QOD AFLAHA MAN TAZAKKA (Tetele bagja jalma anu beresih)

Konci kabagjaan eta aya Lima ;
1. Ngaberesihan taohid tina kufur ku ka imanan
2. Ngaberesihan amal tina riya ku ihlas
3  Ngaberesihan awak tina dosa  ku jalan tobat kalayan tobatan nasuha
  • Syarat tobat aya tilu;
  1. sadar kana dosa nu dipigawe
  2. hanjakal bari nalangsa
  3. Ngajam moal arek balik deui kana dosa anu sarua
  4. menta hampura ka papada jalma  lamun dosana aya patali jeng papada manusa
  5. lobaken istigfar
4. Ngaberesihan badan tina kokotor ku jalan toharoh (susuci)
5. Ngabersihan harta tina hak batur ku zakat

Tidak ada komentar:

Posting Komentar